Posts

Showing posts from October, 2011

Ngalap Rumpaka Papatah Kolot Baheula

Ngagebeg sorangan maca deui judul anu kakara dikotrèt dina ieu note. Asa beurat nyuhun beurat nanggung, beurat nuluykeunana. Saacana, kapikir jejer carita anu rèk dishare ka baraya kabèh, ngan hiji panemon anu nyangkrung dina hiji blog ngeunaan papatah Sunda buhun. Zaman kiwari anu tinelah jeung kampung nunggal (global village), kapaham ku urang kabèh yèn loba jelema anu geus kabuka alam pikirna, teu kurung batok deui, melèk tina sagala hal. Pon kitu deui dina ngalarapkeun bahasa. Aki sorangan ngarasa, teu was-was deui, sok sanajan tina ngaran lain ilaharna urang Sunda tapi da jeroan mah moal bisa bohong. Minimal promordialisme mikacinta Persib jadi cingcirèn yèn aki tèh sunda tulèn, Persib nu aing!!! Ceunah, bahasa ngarupakeun hiji syarat nanjeurna peradaban atawa urang bisa ngomong leungitna hiji bahasa bisa ngaruntagkeun peradaban èta bangsa. Ngomong peradaban hiji bangsa, pastina pinuh ku nilai, kaluhungan. Urang Malayu nyebutna nilai-nilai luhur, urang Sunda nyebut masalah èta k