Ngalap Rumpaka Papatah Kolot Baheula

Ngagebeg sorangan maca deui judul anu kakara dikotrèt dina ieu note. Asa beurat nyuhun beurat nanggung, beurat nuluykeunana. Saacana, kapikir jejer carita anu rèk dishare ka baraya kabèh, ngan hiji panemon anu nyangkrung dina hiji blog ngeunaan papatah Sunda buhun.

Zaman kiwari anu tinelah jeung kampung nunggal (global village), kapaham ku urang kabèh yèn loba jelema anu geus kabuka alam pikirna, teu kurung batok deui, melèk tina sagala hal. Pon kitu deui dina ngalarapkeun bahasa. Aki sorangan ngarasa, teu was-was deui, sok sanajan tina ngaran lain ilaharna urang Sunda tapi da jeroan mah moal bisa bohong. Minimal promordialisme mikacinta Persib jadi cingcirèn yèn aki tèh sunda tulèn, Persib nu aing!!!

Ceunah, bahasa ngarupakeun hiji syarat nanjeurna peradaban atawa urang bisa ngomong leungitna hiji bahasa bisa ngaruntagkeun peradaban èta bangsa. Ngomong peradaban hiji bangsa, pastina pinuh ku nilai, kaluhungan. Urang Malayu nyebutna nilai-nilai luhur, urang Sunda nyebut masalah èta ku istilah kaluhungan atawa pangaweruh.
Tah, aki sorangan rumasa geus lila mopohokeun naon anu jadi pangaweruh, papagon jeung kaluhungan bangsa aki sorangan, Ki Sunda.

Urang balik deui jeung panemu aki dina hiji blog tèa. Asa ditonjok mamaras, keur resep nitenan kaluhungan basa deungeun oge value anu dijunjungna. Beu, geuning bangsa aki sorangan asa teu èlèh. Ceuk saha urang Sunda lèlèt atawa jumud atawa teu boga terah mimpin?

Kudu nepi mèmèh indit, hiji babasan anu ngingetkeun urang yèn kolot urang baheula geus ngarti naon anu kiwari disebut visioner, well planed, model, simulasi jeung sajabana. Kudu nepi mèmèh indit, nyarankeun ka urang kabèh yèn dina ngalakonan hiji rencana (pagawèan) kudu geus boga modèl (simplifikasi tina rèalita) naon anu bakal kasorang. Lain anu kitu tèh disebut visoner? urang kabèh ge apal yèn visioner salah sahiji sifat anu dibogaan ku hiji pamingpin. Kudu nepi mèmèh indit, ngajarkeun ka urang kudu merhatikeun bekeul samèmèh nyorang hiji lalakon sangkan nepi ka tempat anu dituju. Ieu gè ngajarkeun ka urang naon anu disebut atawa dida'wahkeun ku para ponggawa manajemen, well planed. Hiji model anu bisa disawang ti anggalna tangtuna kudu dibekeulan mangrupa hal sangkan bisa metakeun naon-naon waè anu bakal ka sorang pikahareupen. Urang kudu siap jeung hiji kajadian atawa kajadian lain anu bakal kasorang. He he... geuning istilah ayeuna mah Plan A, Plan B jst. Plan A, Plan B supaya larap jeung papatah di luhur pastina kudu dipetakeun alias simulasi tèa.

Ahh, lamun bener èta kolot baheula mikir kawas aki, ha ha..., da bakal jauh atuch ku gelaran yen orang Sunda tèh lèlèt, jumud jeung pantesna jadi rahayat (jelata), mending ari jelita mah.
Anu pastina mah, kolot baheula geus nyorang alias ngalarapkeun èta papagon, ngan orokaya urang tibelat ku nu leuwih hèrang ti urang dengeun.

Papatah di luhur gè saluyu jeung papagon hirup anu ku urang Sunda disusuhun. Baraya sadaya pinasti apal, moal bireuk deui jeung babasan Sacangreud pageuh sagolek pangkek (konsisten, istiqomah, komitmen -kuat kahayang, Bobot pangayun timbang taraju (asak dina mikir teu kejot borosot, comprehensive considerance), Taraje nangeuh dulang pinande , Ulah kumèok mèmèh dipacok (kstaria, hardworker), Carincing pageuh kancing saringset pageuh iket (waspada, cautious),

Tah atuch, dumasar kana titimon di luhur, lain rèk ngajak deui balik ka zaman katukang, zaman uyut urang. Urang sami-sami waè nitenan naon anu jadi kaluhungan urang, Ki Sunda. Da lain ku urang mah ku saha deui ateuh, sanès?
Soalna rada miris maos hiji abstrak panalungtikan ngeunaan bahasa anu dimimitian ku kalimah:
The death of a language becomes very popular issue recently all over the world and it is included Sundanese language...

Ku kituna ku kieuna mangga urang baca suratul fatihah, mugia sadaya baraya urang, teu diwengku ku bahasa jeung bangsa, kum wèh sakabèhna sing aya dina kalancaran, kasuksèsan sareng kaberkahan ti Mantenna.

Al-fatihah...

Popular posts from this blog

Risalah Kebohongan: BAB II — KECELAKAAN BESAR BAGI PARA PEMBOHONG

Attitude, Aptitude dan Altitude

Al Fatihah dan AlFath: Membuka Kemenangan