Putri Jasmine Aulia Az-Zahra

Putri Jasmine Aulia Az-Zahra, neleng nengkung so pasti terulang...
Pupuh kinanti, asmarandana, maskumambang, mijil, durma, sinom, jeung pupuh nu kira-kira aya wakilna dah pasti jadi panganteur bobona Jasmine...
Keun ari soal durarang- duraring mah, eta mah pasti... Da ti kapungkur ge hese pisan ngapalkeun syair lagu teh. Nu antukna versi sorangan nu labana mah. Nelengnengkung versi Udi, Kinanti Versi Udi, Mijil Versi Udi... Ari keur ngeunaheun mah, suasana hate, asa geus jadi komposer, we... Keun tanggapan jalma dewasa mah. Sing jelas, Putri Jasmine Aulia Az-zahra, terlelap dalam tidurnya, ketika aku timang-timang dengan dangding versiku...

Nelengnengkung.. nelengnengkung,
geura gede geura jangkung,
geura sakola ka bandung,
geura mupunjukeun Indung,
Tungtut elmu anu luhung,
Mangkade ulah jadi jalam adigung,
Komo nagnatang kanu Agung...

(Bari ngaharewos, Putri JAsmine, ieu papatah keur Ama oge...)

Popular posts from this blog

Attitude, Aptitude dan Altitude

Risalah Kebohongan: BAB II — KECELAKAAN BESAR BAGI PARA PEMBOHONG

Al Fatihah dan AlFath: Membuka Kemenangan