Si Kabayan

Ku Ajip Rosidi

Saha urang Sunda anu henteu terang ka si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongéng anu baheula mah sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis jadi buku sarta dijieun filem sagala. Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan. Di Banten béjana aya makam anu disebut makam si Kabayan. Wallahu’alam naha enya anu dikubur di dinya téh si Kabayan anu sok jadi tokoh dongéng téa, atawa si Kabayan nu séjén deui.

Si Kabayan tokoh dongéng mah fiksi, ngan aya dina hayalan anu nyaritakeun atawa nuliskeunana, jadi mustahil aya bungkeuleukanana nepi ka kudu dikubur sagala. Tapi henteu mustahil kétang sabada dikubur, kakara caritana sumebar bari jeung ditambahan atawa diréka-réka ku ahli carita. Enya henteuna kitu tanwandé kudu dipaluruh heula sacara ilmiah.

Si Kabayan téh dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu nyieun carita nu tokohna si Kabayan henteu béak-béak. Bari jeung lamun dititénan pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsisten. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna. Ku sabab kitu henteu kudu heran lamun Utuy T. Sontani (1920—1979) dina taun1957 nyebutkeun yén si Kabayan téh manusa nu geus teu naon-naon ku naon-naon.

Maksudna manusa nu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa mangaruhan jelema. Hartina ceuk Utuy mah si Kabayan téh manusa nu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul. Tapi dina dramana anu ditulis ku Utuy dina basa Indonesia nu judulna Si Kabayan (1959), digambarkeun si Kabayan téh jadi dukun anu dianggap wacis jeung sakti, tapi saenyana mah ngaheureuykeun jalma-jalma anu daratang marénta tulung ka inyana. Utuy ngabandingkeun tokoh si Kabayan anu geus teu naon-naon ku naon-naon téh jeung tokoh Sang Kuriang anu digambarkeun dina librétona

Sang Kuriang (basa Indonesia 1959, basa Sunda, 1963) jadi manusa individualis anu ngan percaya ka dirina pribadi baé. Manéhna embung ngaku Dayang Sumbi téh indungna, sabab terangna ngeunaan hal éta téh ti nu lian. Tangtu saréréa ogé kitu, da waktu dijurukeun mah apan kabéh manusa gé tacan hideng, kumaha rék terangna saha anu ngajurukeunana?

Ceuk Utuy, éta dua tokoh anu béda-béda sipatna téh mangrupa kakayaan batin ki Sunda. Sang Kuriang anu ngan percaya ka dirina sorangan jeung si Kabayan anu nganggap yén nu lian téh ngan aya pikeun diheureuykeun, dijadikeun kaulinan. Dirina sorangan mah apan geus teu naon-naon ku naon-naon.

Nepi ka kiwari interprétasi Utuy ka dua tokoh dongéng titinggal karuhun Sunda téh tacan aya nu ngabantah. Hartina tacan aya nu lian anu méré interprétasi orisinal boh ngeunaan si Kabayan boh ngeunaan Sang Kuriang.
Naha anggapan Utuy yén si Kabayan téh manusa nu geus teu naon-naon ku naon-naon téh bener?

Lamun urang niténan dongéng-dongéng si Kabayan anu kungsi aya dina khazanah sastra Sunda, boh lisan boh tinulis, anggapan Utuy téh luyu jeung kanyataan. Si Kabayan anu aya dina dongéng cara anu dimuatkeun dina disertasina Maria Coster-Wijsman Uilen spiegel-verhalen in Indonesie in het biezonder in de Soendalanden (1929), henteu ngagambarkeun hal éta. Nu nyampak ngan carita pikaseurieun tur cara umumna carita pikaseurieun (lain ngan dina basa Sunda baé), réa anu jorang anu ku sawaréh mah baris dianggap henteu merenah dibaca di lingkungan jalma sopan. Nu matak waktu Balé Pustaka nyusun buku Si Kabayan (1932) dumasar kana dongéng-dongéng anu aya dina disertasina Maria Coster-Wijman, nu dipilihan téh ngan carita anu ”aman” baé, nyaéta anu henteu nyigeung-nyigeung parabot reproduksi jelema.

Keur umumna urang Sunda si Kabayan téh lain tokoh idéal. Moal aya urang Sunda anu nganggap si Kabayan téh idolana. Lamun aya jalma nyebut ka baturna, “Silaing mah kawas si Kabayan!”, tangtu éta téh lain ku sabab baturna téa némbongkeun parangi anu pujieun, atawa ku sabab geu némbongkeun préstasi anu nyongcolang.

Tapi Si Kabayan angger jadi tokoh anu dianggap has Sunda. Ku sabagian urang Sunda jeung ku umumna nu lain urang Sunda si Kabayan dianggap representasi urang Sunda. Citra ngeunaan urang Sunda henteu bisa leupas tina citra si Kabayan. Jalma tukang heureuy anu tara pisan daria, anu dina nyanghareupan konflik jeung masalah jalan kaluarna ku bobodoran.
Tangtu baé anggapan yén urang Sunda téh sarua jeung si Kabayan, henteu bener. Anggapan yén urang Sunda téh henteu bisa daria, henteu bisa nyanghareupan konflik téh salah. Dina sajarah Républik Indonésia, urang apan nyaksian munculna Ir. Djuanda dina waktu nagara nyanghareupan krisis kadaérahan dina ahir taun 1950-an. Kitu deui munculna H. Ali Sadikin nu suksés ngawangun Jakarta jadi kota métropolitan di tengah parobahan Orde Lama ka Orde Baru.

Dina tipologi Utuy, duanana moal kagolongkeun ka si Kabayan anu geus henteu naon-naon ku naon-naon, tapi ka Sang Kuriang anu ngawangun talaga buatan dina jero sapeuting. Tapi aya henteu aya nu sok ngaidentifikasi Sang Kuriang ka urang Sunda. Leuwih réa anu ngaidéntifiaksikeunana téh ka si Kabayan.

Pikeun ngarobah citra ngeunaan diri hiji bangsa atawa sélér, henteu babari. Citra urang Sunda téh si Kabayan lain citra anu positif, tapi citra Sang Kuriang ogé henteu matak agul (ku sabab turunan anjing jeung babi nu ku budaya jeung kayakinan urang Sunda kiwari sorangan lain sato anu mulya, malah najis). Lamun urang Sunda hayang miboga citra anu positif, kudu nyieun légenda anyar upamana ku némbongkeun préstasi anu luar biasa dina ngawangun Indonesia jadi bangsa nu dipihormat ku bangsa lian, lain jadi bangsa paria nu ngan bisa ngékspor babu jeung kuli sarta gawéna kekeleyengan néangan hutang.

Ngan lamun aya urang Sunda anu préstasina diaku ku lain ku urang Sunda baé, lain ku sélér lian sabangsa pada-pada urang Indonésia baé, citra yén urang Sunda téh si Kabayan anu kabisana ngan bobodoran ku sabab henteu bisa ngungkulan masalah anu disanghareupan bisa leungit.

Popular posts from this blog

Attitude, Aptitude dan Altitude

Risalah Kebohongan: BAB II — KECELAKAAN BESAR BAGI PARA PEMBOHONG

Al Fatihah dan AlFath: Membuka Kemenangan