nelengnengkung

Versi asli (mereun):

Nelengnengkung 2x
Geura geude geura jangkung
Geura sakola ka bandung
Geura nyiar elmu luhung

Mun munjung ulah kagunung
Muja ulah ka sagara
Mun munjung kudu kaindung
Muja mah kudu ka bapak

Lunta ka curug cipandak
Dugi kana babantara
Cintana indung ka anak
Sesah babandingannana

Nelengnengkung …2x
Geura geude geura jangkung
Geura nukcruk elmu luhung
Geura makayakeun indung

Nelengnengkung .... 2x
Geure geude geura jangkunmg
Geura bisa talang tulung
Kabapa reujeung kaindung

Lamun hidep geus sawawa
Masyarakat geura bela
Lemah cai dama-dama
Sangkan nanjung komarana

Garut, 13 Sept 2008

Popular posts from this blog

Attitude, Aptitude dan Altitude

Risalah Kebohongan: BAB II — KECELAKAAN BESAR BAGI PARA PEMBOHONG

Al Fatihah dan AlFath: Membuka Kemenangan