Dongeng Enteng Ti Pasantren

Sing saha atuh anu masih ngagaduhan buku carita "dongeng enteng ti pasantren" karangan RAF anu kasohor budayawan Sunda tea? Peryogi, buangettttt!, kangen...
Tos seueur nu naroskeun oge buku ieu te, mung orokaya teu mendakan wae...

Sakali waktos sim kuring nga'bel' ka penerbitna, CV Tarate nu aya di Jl. Terusan Jakarta Timur, Bandung... Kaleresan nu nampi telponna, sora wanoja, duka ibu-ibu pokokna mah sanes pameget, lah... Saurna teh, "waduuh... Buku eta mah tos lami, tos teu aya". Heran jeung rada keheul, piraku aya penerbit teu gaduh arsipna, "Emang teu aya arsipna, Bu?". Walonna teh, "Sesah, kedah ngabongkar heula lomari..."

Ach... Kau!

Kabayang we, penerbit Tarate teh dina sisi dokumentasi mah teu langkung sae sareng koleksi buku sim kuring, anu sok bingung buku ieu sareng nu itu, tadi di simpen dimana? Ha..ha...

Popular posts from this blog

Attitude, Aptitude dan Altitude

Risalah Kebohongan: BAB II — KECELAKAAN BESAR BAGI PARA PEMBOHONG

Al Fatihah dan AlFath: Membuka Kemenangan